08 August 2002

OPINI > Kang MamanGatra

Wah, beurat oge yeuh pamendak salira teh, Kang Sirod. Bangsa deungeun
jadi pamingpin di urang? Beu, beu, beu… Teungteuingeun si Akang mah,
nya. Maenya urang kudu balik deui ngalakonan naon nu dirandapan ku
aki atawa karuhun-karuhun urang. Dipingpim ku urang Walanda? Teuing
sabaraha yuta jalma nu baheula pegat nyawa, ngocorkeun getihna,
sangkan urang bisa megatkeun eta nasib. Pegat tina kakawasaan batur.
Pegat tina parentah-parentah batur, bangsa-bangsa deungeun.

Sanajan, kiwari ge satemenna mah naon nu baheula kalakonan ku karuhun-
karuhun urang teh nya masih keneh karandapan ku urang sarerea. Urang
can satemenna merdeka. Ku mahabuna modal deungeun, kaasup IMF,
satemenna urang teh masih keneh dipingpim ku bangsa deungeun. Komo
pan ayeuna mah urang teh geus ngagem "agama" anyar: Globalisasi.
(Nepi ka mun sakalina ngomong teu nyutat eta kalimah teh asa teu
merenah, teu tumaninah. Bisa-bisa disebut murtad atawa musyrik.
Hahaha…).

Kang Sirod anu ganteng, anu "still mahasiswa di Teknik Industrasi
Pertanian/IPB"…

Naon nu disanggakeun ku salira teh aya leresna. Ti awitan perkara
pamingpin nu teu "cukup dengan label sundanese saja", nepi ka
kasauran tuang dosen ngeunaan peran salira oge "kalimat renungan" nu
diajengkeun ku salira. Sapuk saratus persen. Pon kitu deui ngeunaan
narkoba,

Nanging, perkawis "Sunda dipingpim ku bangsa Sunda" sim kuring neda
widi kanggo ngebrehkeun sarwa sakedik ngeunaan eta. Kunaon sih, sim
kuring bet pakepuk dina urusan nu kararitu? Kunaon bangsa Sunda kudu
dipingpim ku bangsa Sunda?

Kahiji mah, nya ku kaayaan nu tumiba ku bangsa urang. Sapertos nu
kamari dipisanggem, nu oge dipisapuk ku salira: Disebut-sebut subur
makmur loh jinawi, singhoreng masih loba bangsa urang nu
katalangsara. Contona bae, tong tebih-tebih: Nya di Purwakarta ku
anjeun. Sigana kumaha katulalitan nu aya di wewengkon ieu, Kang Sirod
langkung paos manan sim kuring. Pan Kang Sirod mah urang Purwakarta,
bari jeung "still mahasiswa di Teknik Industrasi Pertanian/IPB".
Sanes bae katulalitan dina widang pendidikan, tapi oge dina widang
industrialisasi. Naon, sih, manfaat industrialisasi nu mahabu di
wewengkon Akang eta pikeun masyarakat Purwakarta sorangan?

Tangtos bae ari mangpaatna mah aya. Tapi, dugi ka mana? Naha
sabanding heunteu sareng "pengorbanan" masyarakat Purwakarta nyalira?
Sapertos dipisaur ku salira, urang Purwakarta mung sakadar
jadi "pegawai rendahan". Hartosna, gajihna (buruhna) oge
nya "rendahan" oge. Lian ti jadi buruh, mangpaat nu ditampi ku
masyarakat Purwakarta palin banter ge mung nyewakeun lahan atanapi
kamar-kamar kost/kontrakan. Nu tangtosna ge teu sabaraha hasilna.

Teras kumaha mangpaat nu ditampi masyarakat Purwakarta dina perkawis
kahirupan sosial? Sanes bae narkoba, bank gelap (baca: rentenir) ge
katingalna mah mahabu di dinya teh. Samentawis, widang pendidikan ge
teu undak-undak. Paling heunteu, undakna teu satimpal
sareng "kemajuan pembangunan" nu aya di wewengkon ieu. Cobi bae taros
ka diri salira: Sabaraha paguron luhur nu ngadeg salami ieu di
wewengkon Purwakarta? Lian ti eta, di mana aya, kumaha kualitasna?
(Malih mah sababaraha waktos kapengker, aya renrencangan nu maparin
wartos yen di wewengkon Plered – upami teu lepat – aya SD nu
mung "dieusian" ku hiji guru kadua kapala sakolana. Cobi, galih?).

Tangtosna sanes sim kuring bade nampik industrialisasi. Teu pisan-
pisan. Mangga teh teuing. Nanging, patarosan sim kuring: Naha
industrialisasi eta teh hiji pilihan nu tos merenah kanggo bangsa
urang, utamana bangsa Sunda, nu kawentar bangsa agraris? Kadua, di
mana merenah, naha tos leres struktur industri di urang teh? Teras,
naon antukna kana kahirupan kabudayaan lokal? Kabudayaan Sunda? Ku
ayana industrialisasi nu mahabu di Tatar Sunda, jalma ti mana ti
mendi datang. Daek teu daek. Jeung daek teu daek oge, kabudayaan
urang kadeseh.

Leres. Sadaya eta wangsul deui ka pamingpin-pamingpin urang, nu
notabene nya bangsa Sunda bangsa Sunda keneh. Tapi, kunaon bet
keukeuh kedah bangsa Sunda nu jadi pamingpin, siga nu ku kuring
dikampanyekeun? Kahiji, nya eta mah ngan sakadar panggeuing.
Panggeuing ka ditu ka dieu. Boh ka pamingpinna, boh ka rahayatna.
Pan, ceuk lagu Indonesia Raya ge – kitu ge mun Akang masih
keneh "percanten" kana eta lagu kabangsaan – bangunlah jiwanya,
bangunlah raganya. Nya asa teu kaleuleuwihi mun sim kuring miharep
Sunda dipingpim bangsa Sunda teh. Eukeur mah geus kaleler dina widang
ekonomi, pendidikan, jeung sosial, asa piraku urang kudu kaleler dina
perkara politik jeung kapamingpinan siga kieu. Kituna ge tangtu bae
bangsa Sunda nu hade, anu "kualified".

Lian ti kitu, atuh ari dipingpim ku bangsa Sunda sorangan mah –
tangtuna ge bangsa Sunda nu bener-bener sadar kana ka-Sunda-annana,
lain ngan saukur getih – asa piraku rek ngaluli-luli bangsana
sorangan. Boh jiwana, boh ragana.

Leuwih jauh deui, nya perkara ngigelan ageman anyar tea, globalisasi.
Lain sim kuring rek antiglobalisasi. Teu pisan-pisan Akang. Ngan,
hayang bae ngageuing sangkan tong kalalanjoan teuing. Pan, sakumaha
tuang dosen, urang teh kudu kritis ka lingkungan? Ku mahabuna
globalisasi, asa teu pamohalan mun kaharep kabeh jalma bakal saragam.
Ti mimiti dahareun (Cocacla, Mc Donalds, KFC, jste), nepi ka
pipikiran jeung gaya hirup (MTV, CNN) kabeh dipaksa kudu sarua. Asa
piraku, ari urang kudu kitu mah? Lain bae perkara karakter, nu
baheula diimpikeun ku Soekarno. Tapi, nya asa teu pantes bae manusa
saalam dunya kudu sarua kabeh mah.

Tah kitu meureun Kang Sirod waleran sim kuring teh. Moal nyugemakeun
tangtuna ge. Lian ti rumasa heureut utek teh, pan sapertos nu
dipisanggem ku salira: "Kita mungkin tidak bisa memainkan alat musik
yang sama, tetapi kita dapat memainkan nada dan irama yang sama".

Ngan, perkara naon nu bisa dipigawe ku urang, salaku jalma awam,
jalma biasa, nya kaitung loba. Salahsahijina, nya ngawangkong jiga
kieu. Komo, katingalna tina kasauran Kang Siroda ku anjeun, seueur
pisan nu bisa dipigawe ku urang sakabeh. Luyu jeung kamampuan sewang-
sewangan.

Sakitu bae, Kang Sirod. Wilujeng siang, wilujeng diajar.

Salam,

Maman Gantra

PS: Sugan bae aya mangpaatna kanggo Akang, nu kaleresan nuju linggih
di Bogor (leres, kitu?), mangga dibujeng ka: www.cikalbogor.20m.com.
Di dinya ku Akang bakal kabaca kumaha satemenna sajarah bangsa Sunda
teh. Sugan bae Akang tiasa langkung paos maca pasoalan nu aya,
utamina kana naon nu nuju dipigawe ku sim kuring sareng rerencangan
sanesna.

1 comment:

  1. This comment has been removed by a blog administrator.

    ReplyDelete